harita pas simkuring masih nganggo saragam bodas abu, seueur pisan kajantenan anu ku simkuring anu teu tiasa hilap. nerap siga elem dina pikiran teh. mun ceuk batur mah zaman bodas abu teh zaman anu bahagea, anu teu tiasa di hilapkeun, moal kaalaman dua kali. karaos pas tos kaluar ayeuna yen cariosan eta leres.
masih emut sabda abdi naek ka kelas XI simabdi di pencarkeun kelasna sareng anu pas kapungkur sakelas pas kelas X na, ku teu nyangki yen anu nuju sakelas kapungkur teh aya anu ngalirik. uanggal dinten ngan torojol sms, paribasa ngan naros "nuju naon?" sareng ngintun kata-kata anu puitis. nyaan na ge abdi ku teu nyangi yen enya kitu ajeuna teh ngagaduhan parasaan ka simabdi, da nuju kapungkur sakelas naros ge ngan saperluna.
dina hiji mangsa anjeuna hayo we nga sms, dina salah sahiji sms eta teh anjeuna bukbrak perkawis parasaan na ka simabdi yen ajeuna hoyong ka simabdi. masih teu nyangki, nya ku simabdi teh di hare-harekeun we, mung sms eta teh babaraha kali siga anu enya. ah cobian we di tes ku simabdi teh enya atanapi henteuna, ku simabdi di tantang, nya kitu anjeuna leres. ku sabab basa eta aya rerencangan anu ngaheureuyan "Cucu, ceuk si Bagus ceunah", bari jeung isin-isin acan semu beureum cigana harita pipi abdi. ku simabdi teh celetuk we "pami wantun mah sareng enya leres sumangga nyarios langsung". eta kuatkeun ka teu di sangki deui, enya we ngalakonan eta pasaratan ti abdi, ajeuna hoyong nyarios uih sakola.
DPR sanes Dewan Perwakilan Rakyat, tapi Dibawah Pohon Rindang saur siswa/i di sakola abdi mah, DPR teh janten saksi abdi sareng anjeuna. baheula anjeuna tos katinggal ti kajahuan hate bari jeung teu pararuguh, pas cakeut. eta tempat calik sakitu panjangna calik di tungtung ka tungtung bari semu-semu isin. lami teu aya anu nyarios, anjeuna anu ngamimitian
"Kumaha?"
"naon na?"
"Kumaha, waleran sms na?"
"waleran anu mana?" (bari jeung api-api teu apal)
"anu abdi hoyong janten .....:
"janten naon?"
"nya...... anu eta, anu hoyong teu janten kabogoh abdi?"
"hmmm, enya leres kitu?"
"muhun, pami teu leres mah, moal wanter kieu"
"hmmm" (kaburu di sauran ku anggota PASKIBRA da harita abdi teh nuju bade ngalatih rai kelas kanggo pangibaran bandera 17 agustus). "hmmm, waleranna di smskeun nya engkin"
teras abdi ka podium teras ka lapang, anjeuna ka tempat les.
sa atosna bari jeung di poyok ku rerencangan, biasa pami kapungkur mah di adeuh adeuh.
abdi teh saleresna mah antos gaduh waleran, mung abdi naros-naros heula ka rerencangan (padahal di pikir-pikir, naon kedah naroskeun ka rerencangan), abdi naros da nuju kapungkur teh kaleresan aya anu hoyong oge, mung duka ku naon abdi teh bet panceg ka anu di sakola sareng rerencangan ge nyarankeun na ka anjeuna. di sms we ku abdi teh saatos rengse kagiatan.
"muhun, tapi teu kenging seueur saur kasasaha"
nit.... nit ... aya waleran ti anjeuna
"leres ieu teh?, muhun moal di wartos-wartos, tapi naha?"
"henteu nanaon, wios we teu kenging di pasihan terang, sinah apal nyarira"
nit .... nit ... aya waleran deui
"muhun, hatur nuhun"
janten weh.
ai pas di sakola pendak deui, boro-boro silih nyauran anu aya paisin-isin.
haha janten hoyong seuri....
salam BC