Assalamualaikum
Jempling na peuting ayeuna, anu kadangu ngan saukur sora jam tembok anu tek tek kan. ieu peuting simkuring sesah kulem, duka meureun pedah nuju udur duka pedah beurang tadi simkuring kulem.
sora patuangan jeung sora jam peuting ayeuna asa bade silih serang paheula-heula nembongkeun sorana. dirasa makin karasa, derr kokoreh ka dapur ngan aya sangu, rencangna mah aratah keneh, ninggal mie, aduh meuni kabita ngan hanjakal da saukur kabita teu tiasa di tuang da ulah waka tuang nu kitu ceuk dokter.
da abdi mah naon atuh? nurut we ka dokter da rumasa ikhtiar simkuring hoyong jagjag teh da ka dokter, papatah dokter nya kusimkuring di dangu we. sanajan gusti Allah anu bakal nyageurkeun, mung urang anu janten umat Na kedah ikhtiar.
weungi ieu simkuring ku teu puguh tujuan, da soca di peureum keun teu reup wae, anu aya hoyong muka we, ku teu puguh gawean anu aya ngan muka hp, di pikir-pikir muka hp teh asa "bad mood" ceuk basa deungeun na mah, ahh tungtungna mah muka laptop we, bari anggeur anu di buka teh ngan sakur facebook. sasakali muka anu lian dugi ka muka blog nyarira.
bari jeung teu puguh tujuan simkuring nulis we di ieu blog. anu ngaos ieu meureun hoyong nyabak tarang abdi "naha panas teu?" (bari heureuy di samikeun jeung panasna bujur). teunang da simabdi masih dina kaayaan waras sanajan ayeuna keur linglung da kor tunduh tapi teu daek reup wae.
tungtung na mah janten babagi carita kieu...
leuheung ayeuna mah simkuring teh ngan sakur teu pararuguh ngan kusabab teu bisa reup. ti poe ahad simkuring ngaraos aneh, aneh kunaon coba???
simkuring aneh ku patuangan sorangan, bari jeung ngaca utak itek dina kaca, naha ieu patuangan teh asa ageung? nembal deui sorangan, ahh meureun pedah atos tuang seueur. nembal deui, ahh enya meureun. saentos utak itek dandan, sareng ngobrol nyarira dina kaca teleyeng we langsung ka Bandung, bari jeung jajap heula raka ka Sawit, bari alo nu hiji deui di candak ku abdi ka Bandung. bari jeung sumangeut simkuring mangkat, ai di jalan teh pun alo teh "ibi, umi mah rieut hoyong utah", abdi teh geuwat we kasisi, nya nyaan we budak teh pias, cigana na mah gara-gara kanginan sareng helmna ageung teuing, budak teh nyuhunkeun ngalih we kapengker. teleyeung deui we simkuring teh, ai pas dugi Soekarnoe Hatta budak teh asa bade ngajengkang, di tilik weh, ai sighoreng teh nunutan. nya atuh budak teh teu weleh di gebah we ku simkuring teh. teu lami simkuring teh ngaraos nyeuri pisan patuangan teh, asa sesek nafas. na jero hate nanya sorangan, naha kunaon ieu teh? nya rieut, nya seueul, nya eungap. teu lila ti sagala karasa eta simkuring nyisi, ngadon utah-utahan. pun alo hariwang. (nya meureun kumaha ai ibi na ngadon utah-utahan mah).
teu lami tidinya simkuring teh neleyeung deui we maju, dugi weh di Buah Batu, alhamdulillah nepi oge.
bari pararias datang teh, langsung di pesenkeun tuangeun. simkuring sareng anu lianna pesen mie nganggo sambel. dina pikiran teh, susuganan we cageur ieu rieut, da biasana tuang anu lada mah osok seuger. enya we nyaan rada seger, ai eungap sareng nyeri patuangan mah teu di raos. da tujuan ka Bandung teh hoyong ninggal NNM di Telkom, simkuring sareng nulian na teh langsung ka Telkom ninggal kagiatan NNM, bari mawa budak hiji. ciga we keluarga berencana da leumpang tiluan bari jeung nuntun budak. pas nepi di Telkom, euleuh ning rame, budak teh ngan tataros we, ibi ieu teh naon? ibi aya naruto ning, naha ning bi? ibi naha acukna araraneh naon eta teh bi gaya na? bari jeung cape ngajawab da muruluk naros na teh. meureun aneh nya budak teh dandanan na ciga anime, kartun anu osok di lalajoan ku manehna.dasar budak nya, teu saukur loba tatanya, budak ge beuki jajanna. untung we teu kungsi lila hujan turun. simkuring teh kajero we lalajo anu doubing anime, budak teh reup na lahunan bari jeung ngacai dina lahunan.
simkuring didinya nepi ka sore, langsung mulang we. da karunya pun alo lapar, masak we di kosan. masak teh ngan mie deui we da anu di peser di NNM teh aya ramen instan da ai kedah di pasak didinya mah ngantri. eta patuangan masih teu di rasa. peutingna datang deui ka NNM dugi ka tabuh 8. langsung we tidinya mah mulang ka kosan di Cimahi, beurangna simkuring ka Purwakarta mulangkeun pun alo ka bumi, teras simkuring teh angkat deui ka Cimahi da bade ka dinas Pendidikan. ai nepi teh, boro-boro bisa kamana-mana nu aya kalakah namru. patuangan anu teu di rasa teh ning kalakah makin jadi. meunang 3 poe tah kuring ngadon namru di kosan, poe rebo sore simkuring di pariksa ka klinik pas nepi dokterna teh teu aya, di layanan ku apoteker, ceuk apoteker teh teu meunang waka momotoran, kudu istirahat total, asam lambung naek jeung sajabana, di pasihan weh landongna. 2 jenis tapi hargana lumayan, anu mayar na teh Bagus. hatur nuhun aa.
teleyeng deui simkuring teh maksakeun mulang ka PWK, di jalan bari jeung eureun-eureunan da utah-utahan wae, pas di Depok simkuring geuwat we ka dr, ka dr teh di sangka asma, naon pa abdi mah teu bengek ceuk abdi teh pas di parios ku anjeuna, enya teh sanes asma tapi asam lambung naek. simkuring teh nembongkeun obat anu ti apotek tea, ai obat anu ieu kumaha sae atanapi henteu di konsumsi? tembalna sae, mung aya anu kirang nyaeta obat demam na, ai nu hiji deui hilap duka naon namina.
poe kemis tadi simkuring teh ngarasa garenah, ahh maksakeun we ka sakola da teu puguh izin poe kamari. pas di sakola datang-datang teh ngadon murel utah deui, meunang 2 kali utah disakola. ahh kuatkeun we nepi ka engke, ai di rasa teh makin teu kuat, ahirna jam 10 ijin mulang,
nepi ka kiwari ieu awak asa teu garenah kieu.
cik baraya, pidoana.
wa salam :)
Tidak ada komentar:
Posting Komentar